Penyejuk Hati on Facebook

Sabtu, 14 November 2015

Panggeuing Diri

Panggeuing Diri

Walurat lengkah kudu bisa dibebenah

hade lampah kagurat uga pinasti moal doreksa

Adiguna kiwari geus lain wayah

Jalma kumelendang lir waditra nyada ku nayaga

Moal lana moal lila kapatok wates tinemu cacap

Hiji pepeling dir geuwat eling

kahade tonggoy terus kadalon

lampah udar kaluar tina tetekon

Geuwat wengku, pageuhan ku kaimanan 

Bae basajan asal teu salah naratas jalan

geuy sageuy ...mun hirup ngaberung nafsu

Ngalabrak jalan komo aturan

moal lana nincak sugema.....

Marieus pateuh .....

Pamustungan tamiang meulit kana bitis

Lengkah nyupata duh gening heurin

geuwat ropea.......!!!!!

Omean lampah, pupus hasud, piara ihlas

Tawakal bari ngadu'a, sabiuk jeung papada jalma

Insya Alloh....

Bagja waluya kumelendang di mayapada

0 komentar:

Posting Komentar

Tinggalkan komentar anda

sorry-desi-glitters-2.gif