Penyejuk Hati on Facebook

Kamis, 09 Agustus 2018

RUNDAYAN KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW

#SILSILAH ROSULULLOH

Wajib ka jalma islamna
Uninga rundayan nana
Jeng Nabi utusan ALLOH
Muhammad putra Abdulloh
Abdulloh putra Mutholib
Mutholib putra na Hasyim
Hasyim putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Qushoy
Qushoy putra Kilab
Kilab putrana Murroh
Murroh putrana Ka'ab
Ka'ab putrana Lu'ay
Lu'ay putrana Gholib
Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik
Malik putrana Nadhor
Nadhor putra Kinananah
Kinanah putra Khuzaimah
Khuzaimah putra Mudrikah
Mudrikah putrana Ilyas
Ilyas putrana Mudhor
Mudhor putrana Nizar
Nizar putrana Ma'ad
Ma'ad putra na Adnan
Ti Adnan dugi ka Adam
Haram nguningakeun nana
Sabab taya jalan shoheh
Dina mertelakeun nana

Wajib deui uningana
Rundayanna  ti Ibu na
Jeng Nabi utusan ALLOH
Muhammad putra Aminah
Aminah putrina Wahab
Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Zuhroh
Zuhroh putrana Kilab
Tepang deui jeung ramana
Ti Qilab Janggawarengna
Jadi Ibu jeung Rama na
Masih keneh sa rundayan

#PUTRA PUTRI ROSULLOH

Salajeng na hayu dulur
Cuang d papay ti luhur
Tujuh putra Rosulloh
Kahiji Sayyid Abdulloh
Kadua na Sayyid Qosim
Katilu Sayyid Ibrohim
Opat Sayyidah Ruqoyah
Lima Sayyidah Ummu Kultsum
Genep Sayyidah Zainab
Tujuh Sayyidah Fatimah
Sadayana Ahli Surga
Mugi urang ka babawa

#PUTU NA ROSULULLOH

Rosululloh deudeuh pisan
Ka incu na mikaheman
Aya tujuh sadayana
Apalkeun hiji-hiji na
Kahijina Sayyid Hasan
Kaduana Sayyid Husein
Katilu Sayyidah Kultsum
Kaopat Sayyidah Zainab
Kalimana Sayyid Mukhsin
Kagenepna Sayyid Ali
Tujuh Sayyidah Umamah
Ku Nabi di pikanya'ah

#WAFAT ROSULULLOH

Dupi wafat Rosululloh
Di Madinah Al-Munawwaroh
Dua belas Robi'ul Awwal
Dinten senen sing ka apal
Taun Sabelas Hijriyah
Ngetang Nabi ngawitan Hijrah
Genepratus Tilu Dua
Dina taun Masehina
Tepat kaping Tilu Juni
Sekitar Masjid Nabawi
Kanjeng Nabi di kurebkeun
Maqom na ge di Mulyakeun

0 komentar:

Posting Komentar

Tinggalkan komentar anda

sorry-desi-glitters-2.gif