Penyejuk Hati on Facebook

Kamis, 09 Agustus 2012

PUASA DI BULAN ROMADON


بسم الله الرّحمن الرّحيم

JALMA IMAN WAJIB PUASA DI BULAN ROMADON

1. Ayat Al-Qu’ran surat al-baqoroh 183

ياايهاالذين امنوا كتب عليكم الصيام كما كتب على الذين من قبلكم لعلكم تتقون

Hei jalma-jalma anu ariman diwajibken ka aranjen kabeh puasa (dina bulan Romadon) saperti ges di wajibken ka jalma anu samemeh aranjen kabeh supaya aranjen kabeh jadi tarakwa.

2. Hadis Rosululloh S.A.W Riwayat Ashbussunan.

ان الله فرض عليكم صيام رمضان وسنت لكم قيامه فمن صامه وقامه ايمانا

واحتسايا غفر له ماتقدم من ذنبه

Hartosna : Saestuna Alloh tos mardukeun ka aranjeun puasa di bulan romadlon jeung kami geus ngalakukeun pikeun aranjeun kana qiyamul lail, maka sing saha bae jalma anu puasa sarta ngahirup hirup peutingna ku warna ibadah,bari dasarna iman jeung karana alloh maka bakal di hampura dosa anu geus kaliwat.

SABAB WAJIBNA PUASA

Sabab sabab wajib puasa romadon aya opat :

1. kusabab tos sampurna bulan sya’ban

2. Kusabab nempo bulan pananggalan Romadlon jang jalma anu nempona.

3. Kusabab tetepna tanggal romadlon ku jalma anu adil dina persaksian jang jalma anu henteu nempo langsung kana bulan.

4. Kusabab aya beja ti jalma anu adil dina riwayat tur anu bisa dipercaya atawa henteu bisa dipercaya ngan pedah ceuk anu ngadenge eta beja the bener.

5. Kusabab nyangka kuat kana manjingna bulan romadlon kalawan hasil ijtihad jang jalma anu saliru manjingna bulan Romadlon.

SYARAT SAHNA PUASA

Syarat sah na puasa Romadon aya opat:

1. Islam,teu sah puasana jalma nu kafir.

2. Boga aqal,teu sah puasana jalma anu gelo.

3. Suci tina hed jeung nifas.

4. Ngayakinkeun yen waktu narima kana puasa.

SYARAT WAJIBNA PUASA

Syarat wajib puasa aya lima:

1. Islam,teu sah puasana jalma nu kafir.

2. Baligh ,boga aqal,teu wajib puasa ka budak anu acan baligh,jeung ka anu gelo.

3. Kuat puasa, teu wajib puasa ka anu teu kuat puasa.

4. Cageur,teu wajib puasa ka anu gering.

5. Aya di lembur,teu wajib ka anu nyanyabaan jauh.

RUKUN PUASA

Rukun puasa aya tilu:

1. Niat peuting dina saban poe dina puasa pardu.

2. Ninggalkeun sakabeh perkara anu matak ngabatalkeun kana puasa bari ingeut (sadar) karep sorangan (henteu di pasksa) bari henteu bodo ma’dzur

3. Jalma anu puasa.

PANGBATALAN PUASA

Anu ngabatalkeun kana puasa aya 11:

1. Kusabab murtad.

2. Kusabab hed.

3. Kusabab nifas.

4. Kusabab ngajuru.

5. Kusabab gelo. Sanajan sakeudeung.

6. Kusabab sakalor/panyakit ayan, lamun meakeun waktu beurang.

7. Weureu bari ngahaja meaken waktu berang.

8. Ngasupkeun barang anu aya jentulna kana lingliangan badan anu tumerus.

9. Jima’ sanajan henteu kaluar mani.

10.Ngahaja-haja ngaluarkeun mani najan lian jima.

11.Ngahaja Utah najan henteu balik deui ka jero.

LAFADZ NIAT PUASA BULAN ROMADLON

نويت صوم غد عن أداء فرض شهر رمضان هذه السنة فرضا لله تعالى

Hartosna: Seja abi puasa poe isuk, ngalakonan pardlu bulan romadon dina ie tahun karena Allah ta’ala.

DO’A BUKA PUASA

اللهم لك صمت وبك امنت وعلى رزقك افطرت برحمتك يأرحم الراحيمين

LAFAD NIAT SOLAT TARAWIH

اصلى سنة التراويح ركعتين مأموما لله تعالى

Hartosna: Seja abdi sholat sunnat tarawih, dua roka’at kalayan bari ngamamum karana alloh ta’ala.

LAFADZ NIAT SHOLAT WITIR DUA ROKA’AT

اصلى سنة ركعتين من الوتر مأموما لله تعالى

Hartosna: sejak abdi sholat sunnat sholat witir dua roka’at kalayan nga ma’mum karana Alloh ta’ala.

LAFADZ NIAT SHOLAT WITIR SAROKA’AT

اصلى سنة ركعت الوتر مأموما لله تعالى

Hartosna: sejak abdi sholat sunnat sholat witir saroka’at kalayan nga ma’mum/ jadi imam karana Allah ta’ala.

LAFADZ NIAT NGALUARKEN JAKAT FITRAH KU SORANGAN

نويت ان أخرج زكاة الفطر عن نفسي فرضا لله تعالى

Hartosna: Sejak abdi ngaluarken Zakat Fitrah ti diri abdi Fardlu karna Allah ta’ala.

Catatan :

Lamun jakat Fitrahna Pamajikan, Maka ganti lapad عن نفسي ku lapad عن زوجتي lamun jakat fitrahna anak maka ganti ku lapad عن والدي tuluy sebut ngarana.

وَالله أَعْلَمْ بِمُرَدِهِ

0 komentar:

Posting Komentar

Tinggalkan komentar anda

sorry-desi-glitters-2.gif