Penyejuk Hati on Facebook

Senin, 16 Juli 2012

FADHILAH SHALAT TARAWIH


Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian kahiji, maka eta jalmi kaluar tina sadaya dosana teu benten sapertoskeun bayi anu nembe lahir tina rahim ibuna

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian kadua, maka dihapunten sadaya dosana, sareng dosa ibu ramana anu ariman

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian katilu, Malaikat ngagero ti handapeun ‘Arasy “Amal-amalan dibarukeun deui, Alloh geus ngahampura kana dosa-dosa anjeun nu geus tiheula”

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian kaopat, dipasihan ganjaran ku Alloh SWT sapertoskeun ganjaran jalmi anu maos kana Kitab Toret, Injil, Jabur sareng Al-Quran

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian kalima, Alloh SWT masihan ganjaran ka eta jalmi, sapertoskeun ganjaran jalmi anu natepan di Masjidil Haram, sareng Masjid Nabawi sareng Masjidil Aqsho

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian kagenep, maka Alloh bakal masihan pahala ka eta jalmi sapertoskeun pahalana jalmi anu Thowaf di Baitul Ma’mur

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian katujuh, maka pahalana sapertosken jalmi anu ngabantu Nabi Musa a.s dina merangan Firaun jeung Haman

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian kadalapan, maka Alloh bakal masihkeun ka eta jalmi, kana perkara anu di pasihkeun ka Nabi Ibrohim a.s nyaeta Kholilulloh ( kakasih Alloh)

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian kasalapan, maka kaya-kaya eta jalmi ibadah ka Alloh sapertoskeun ibadahna kangjeng nabi Muhammad SAW

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian kasapuluh, maka bakal dipaparinan dua kasaean ku gusti Alloh, nyaeta kasaean di dunya sareng kasaean akherat

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka sabelas, maka bakal kaluar ti alam dunya (maot) bari dibersihkeun sadaya dosa-dosana teu benten sapertoskeun bayi anu nembe lahir

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua belas, maka isukan dina dinten qiyamah eta jalmi bakal dating bari rarayna moncorong bercahaya sapertoskeun bulan purnama

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka tilu belas, maka eta jalmi bakal aman tina sakur-sakur perkara anu awon dina poe qiamat

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka opat belas, para malaikat bersaksi bahwa eta jalmi tos natepan tarawih, maka Alloh moal ngahisab ka eta jalmi isukan dina dinten qiyamah

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka lima belas, sadaya para malaikat pang nyuhunkeun pangampura kango eta jalmi

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka genep belas, Alloh SWT nyatetkeun kango eta jalmi kana salamet tina naraka, oge di catetkeun bakal lebet ka surge

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka tujuh belas, eta jalmi dipasihan ganjaran sapertoskeun ganjaran para nabi

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dalapan belas, Malaikat ngagero : “hai hamba Alloh, saestuna Alloh eta mika rido ka anjeun jeung ka indung bapa anjeun

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka salapan belas, maka darajatna bakal di luhurkeun ku Alloh dina surge firdaus

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh, Dipasihkeun ka eta jalmi ganjaran para syuhada sareng sholihin

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh hiji, maka Alloh ngadamel bumi kango eta jalmi di sawarga, anu eta bumi didamelna tina cahaya

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh dua, eta jalmi bakal sumping dina poe kiamat, bari salamet tina saban-saban kabingung jeung kasusah

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh tilu, Alloh ngabangun kota di surge kango eta jalmi

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh opat, maka Alloh bakal nga ijabah kana 24 do’ana eta jalmi

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh lima, Maka di leungitkeun siksa kubur ti eta jalmi

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh genep, maka di angkat darajatna ku Alloh salami 40 taun

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh tujuh, bakal ngalangkung kana cukang shirotol mushtaqim sapertikeun kilat anu nyamer

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh dalapan, maka Alloh ngangkatkeun sarebu darajat disurga pikeun eta jalmi

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka dua puluh salapan, ku Alloh bakal di paparin ganjaran sapertoskeun ganjaran 1000 haji anu maqbul

Jalmi mukmin anu natepan Tarawih wengian ka tilu puluh, Alloh ngadawuh “ hai hamba kaula, pek anjeun barang dahar tina buah-buahan surge, anjeun kudu mandi tina cai salsabil, jeung kudu nginum tina cai talaga kautsar

0 komentar:

Posting Komentar

Tinggalkan komentar anda

sorry-desi-glitters-2.gif